Senin, 30 April 2012

Bahan Pagelaran Seni Budaya Sunda Kelas 7

Pagelaran Seni Budaya Sunda SMPHT pikeun Kelas 7 nyaeta  "Sisindiran atawa Tatarucingan ", insya Allah dilaksanakeun dinten rebo, kaping 9 mei 2012 tabuh 12.40-15.00 (no absen 1-16) sareng kaping 16 mei 2012 tabuh 12.40-15.00 (no absen 17-32) .  Nu dinilaina : anggoan (kostum),kawantun (keberanian),soanten (suara) jeung hapalan. Upami milih tatarucingan, hidep kudu milarian nyalira 5 tatarucingan (bebas). Kanggo sisindiran mah cekap milih 3 sisindiran dihandap!

1        1. Pucuk kawung di Galungung
         Pucuk kalapa di pentos
         Saha nu di tiung sarung
         Pantes diraksukan bodas
2.  Kadu pahili jeung nangka
Wadahna kana karanjang
Kudu apik jeung berseka
Sangkan sehat hirup urang
3.  Ulah ngaganggu papanting
Bisi nyeureud kana mata
Kasehatan memang penting
Leuwih penting batan harta
     4.  Peuyeum ketan make ragi
          Amis najan tampa gula
          Mun gering tangtuna rugi
          Bakal tinggaleun sakola
      5. Kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyom ka jalan
          Sono mondok sono nganjang, sono patepang di jalan
      6. Pucuk tiwu akar bangban, amis mata di susukan
          Mun rek ngilu geura dangdan, cimata geura susutan
      7. Lamun urang ka Cikole, moal hese tumpak kahar
          Lamun urang boga gawe, moal hese barang dahar
      8. Lamun urang ninun kanteh, ulah resep make poleng
          Lamun urang leutik keneh, ulah resep ngomong goreng
      9. Sing getol nginum jajamu, nu guna nguatkeun urat
          Sing getol neangan ilmu, nu guna dunya aherat
     10. Ka kulah nyiar kapiting, ngocok lobak bobodasna
          Ulah sok liar ti peuting, osok loba gogodana
     11. Cau naon cau naon, cau kulutuk dina nyiru
          Bau naon bau naon, bau hitut nu di juru
     12. Poe saptu poe kemis, salasa heuleut heuleutan
    Saha itu muril kumis, leumpangna eundeuk-endeukan   

13. Kanikir siki kanikir
     cangkudu beunang panimu
     Kapikir beuki kapikir
     hirup kudu loba élmu

14. Mawa peti dina sundung
     dibawa ka nusa Jawa
     Pangarti teu beurat nanggung
     kabisa teu beurat mawa

15. Nanggap wayang diheulakeun
      bodorna Cépot jeung Garéng
      Murid nu rajin ngapalkeun
      moal meunang peunteun goréng

16. Ngala lauk meunang selar 
      bungkusna daun Hangasa
     Sakur mahluk nu gumelar
     dirahmat ku Nu Kawasa

17. Nimbang paré deukeut pager
      tumpukanana ngajajar
     Tinimbang jeung udar-ider
     leuwih hadé gé diajar

18.  Pikasureun dijarumat
      jarumna harga sasénan
      Saluhureun kudu hurmat
      sasama kudu ajénan

 
Sumber : Peperenian (Drs. Ahmad Hadi Cs), kalangsunda.net
 



0 komentar:

Posting Komentar